TUTUP TAUN


TUTUP TAUN
[kinanti]

keur dua rebu sapuluh
tutup taun rek dijilid
bukaeun urang isukan
peperenian di ahir
lamun rek nyawang katukang
heug urang ilikan deui

aya anu kembung irung
narima rea pamuji
nurutkeun ‘bangsa walanda’
cenah mah ieu nagari
asup nagara nyongcolang
katelah ’emerging country’

bukti ekonomi maju
kitu catetan statistik
ningkatna genep persenan
kaasup rada mucekil
mun kitu alhamdulillah
kahareup leuwih pamugi

tapi da ceuk anu mafhum
naekna ulah ‘over heat’
lir ibarat kandaraan
anu digas tarik teuing
sok kalah panas jadina
malahan ngaruksak mesin

keur nu leutik bau lisung
pangwangunan nu kiwari
asana teh da sarua
ti baheula hese duit
tapi da aya bedana
rea mol motor jeung mobil

karasa ku jalma buruh
nu keuna ku ‘out sourcing’
undang-undang diakalan
ku jalma nu boga ‘pabrik’
supaya gampang ‘pe ha ka’
buruh tetep goreng nasib

nu pasea ge mahabu
nu demo di mana mendi
pangadilan rame pisan
korupsi kalah bareuki
udagan haliyah dunya
cirina jalma kiwari

nu palinter ge tumuwuh
jadi juara olimpik
panalungtikan ngalayah
rebuan jadi alumni
kursus sakola ge loba
lowongan gawe can mahi

anu resep kana lagu
anu ahli seni musik
dangdut jeung pop teh baralap
dipintonkeun unggal wengi
barudak ge nyandu pisan
ngelehkeun musik tradisi

kahareup mah bakal punjul
ku reana investasi
ngan kade cenah lingkungan
jeung hak manusa nu asli
nya atuh tinggal urangna
rek maju atawa cicing

lamun bener hayang maju
pan gede potensi nagri
atuh kuduna rapekan
ulah ngan reueus bihari
singkah laku pangedulan
barina resep ngahiji

anu mingpin oge kitu
kedah gaduh setrategi
dijalankeun dina program
aktipitasna diwincik
tapi ulah ukur kertas
kedahna leres ngabukti

insya Allah ke kapayun
nagri urang jaya deui
ayeuna hayu ‘rang papag
gemah ripah repeh rapih
mahayunan kadatuan
raharja wibawa mukti


skmi – 27122010

Tunda talatah