MALEM JUMAAH


NGAOS MALEM JUMAAH
[asmarandana]

kapungkur sok ngaos yasin
disambung surat ar rohman
diteraskeun ku tabarok
ar ro’du teras muhammad
dilajeng ku al waqiah
ditambih ku ayat tujuh
sareng ayat lima belas

saterasna teh al kahfi
dikawitan alfatihah
sabagian al baqoroh
di lajengkeun ku al ikhlas
diseling surah al a’la
falaq binnas al kafirun
bagian ahir juz amma

kautamaan mun wengi
kitu oge na siangna
jumaah dinten nu sae
sayyidul ayam katelah
fadilah lamun ibadah
kacida ageungna atuh
ganjarana ageung pisan

ayeuna geus aki-aki
panon teh sok enggal ngacay
enggal burem jeung ngagebleg
lamun henteu nganggo tasma
paingan atuh paingan
kangjeng rosul tos ngadawuh
kudu mangpang meungpeung urang

pan geuningan aya hadits
ditampi ti ibnu abas
eta haditsna teh soheh
ngeunaan lima perkara
samemeh datang nu lima
lenyepaneun urang tangtu
keur ngalakonan ibadah

meungpeung cageur memeh gering
memeh kolot meungpeung ngora
memeh riweuh mengpeung rineh
keur hirup memeh perlaya
memeh miskin meungpeung beunghar
margi pami tos kalangkung
urang teh bakal hanjakal


skmi-09122010 – 03011432

Tunda talatah