SIM KURING


Para wargi kalih tamu anu sarumping.
Salam kawilujengan kahaturkeun.

Assalamu ‘alaikum wr.wb.

Teu kinten ngaraos bingah rehna saderek parantos kersa sindang. Salam pangwanoh kapiunjuk.
Sim kuring wasta teh Jojo S. Natasuarna. Kawit mah ti Ciomas Panjalu Ciamis, ayeuna dumuk di Bandung. Bojo hiji, budak dua sajodo. Kantos ngumbara di Pontianak Kalimantan Barat, di Soreang Bandung, di Kupang Nusa Tenggara Timur, sareng di Klungkung Bali, dina raraga 35 taun laku gawe di PT TELKOM. Kiwari tos mangsana reureuh mayunan pangsiun.

Bilih aya nu panasaran kunaon wasta dipondokeun janten Mang Jojo, alesan mah kahiji mang atawa emang teh sebutan urang keur adi indung atawa adi bapa, ciri deukeut; kitu deui kecap mang teh sok dipake ku urang lamun nyalukan atawa nyebut hiji jalma lalaki dewasa anu masih keneh belejag sarta dipikawanoh jeung karasana deukeut kana hate urang. Atuh alesan sejena mah kuring oge ti keur budak teh sok disebut Mang Jojo ku pun alo.

Perkawis pupuh sim kuring sanes mandahna kana kurung-karang, maksakeun soteh bakat ku hoyong diajar pupuh tutungkusan karuhun, warisan urang sunda baheula. Sok sanaos umur mah tos tunggang gunung cueut ka hareup / langkung ti limapuluh, tapi da diajar mah masih keneh kabita kunu ngarora.

Mangga urang diajar ngalalanyahan guguritan, bari ngahariring ngalenyepan pakarepan bihari-kamari; ayeuna – kiwari; isuk jaganing geto…

Bilih hoyong ngobrol kapapanjangan mangga lebet bae ka : facebook.com/mangjojo

Hatur nuhun
Mang Jojo

8 thoughts on “SIM KURING

  1. Wilujeng tepang Mang.

    Punten ah ngiring kutrat-kotret di dieu. Pamaksadan mah mudah-mudahan wae tiasa janten jalan kanggo manjangkeun babarayaan sanaos ngalangkungan dunya blog.

    Nuhun, Sakitu ti simkuring

  2. rampes, wilujeng den ciburuan. hatrur nuhun parantos kersa sindang. pangwanohna katampi pisan paugi janten kasaeaan kanggo urang sadaya. sihapunten blogna awon, komo eusina mah seueur kakirangan,; dipindo hatur nuhun.

  3. Assalamu’alaikum wr wb. Tah geuning, aya situs spesial pupuh mang Jojo. Ngiring Bingah, insyaallah barokah, seueur mangpaatna. Aamiin YRA :)

    • Wa ‘alaikumussalam wr wb. Hatur nuhun Bu Ina, parantos kersa sumping ngalongok ka dieu. Pamugi piduana diijabah ku Allah SWT. Amin ya robbal ‘alamin.

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Connecting to %s