Para wargi sakalih.
Ceuk sakaol, tarekah ngawanohkeun jeung diajar basa tur budaya teh bisa dijalankeun dina opat umpakan nya eta : (a) diajar mikanyaho / mikawanoh (learning to know) ; (b) diajar migawé (learning to do); (c) diajar mibanda (learning to be); jeung (d) diajar milampah hirup babarengan (learning to live together).
Nyoko kana patokan jeung tarekah di luhur,tangtosna wae kanggo ngabuktoskeun ngadegna opat umpakan eta teh kedah sareng prakna ikhtiar. Anamung ikhtiar ieu teh tangtos bae kedah disarengan gaduh modal kamampuhan tur kakuatan disagedengeun tekad anu keyeng tur daria.
Sadar kaayaan buntu ku elmu pangaweruh, laip ku pangarti ngeunaan sastra khususna ngeunaan pupuh /guguritan / wawacan, atawa dangding, sim kuring mung bati hayang.
Nya saparantos aya pamundut rerencangan dina pagempungan ‘facebook’ nyaeta ustad Wangsa Oerang Subang Pituin sareng ibu Tia Baratawiria (aranjeuna teh padamelanana ngawulang), anu keukeuh meredih ka sim kuring (anu sakieu laipna) sangkan medar kalayan ngadamel guguritan pupuh sunda.
Alatan didongsok kitu mah sim kuring lahlahan ngawantunkeun maneh. Sanajan sagala teu apal, hususna ngeunaan pakem ugeran pupuh katut ngalagukeunana, nya atuh sakatimuna we nurutkeun kamampuhan anu nyangkaruk dina uteuk / pipikiran, sarta anu kacangkem baheula keur budak.
Numutkeun sababaraha catetan, nu disebat pupuh teh nya eta guguritan (karangan-ugeran) atawa puisi anu diwangun sababaraha pada (bait). Unggal pada diwangun ku sababaraha padalisan (baris) anu disebut guru gatra. Unggal padalisan diwangun ku sababaraha kecap, unggal kecap diwangun ku engang. Jumlah engang unggal padalisan oge aya katangtosanana (guru wilang). Sakapeung sok aya jumlah engang anu nyalahan, mun bilangan nyalahan (ngarumpak guru wilang) disebut elung. Katangtuan engang dina kecap panungtung unggal padalisan aya patokanana nyaeta sora vocal (a, i, e, o, atanapi u) disebat guru lagu atanapi guru dingdong. Mun nyalahan (ngarumpak guru dingdong) sok disebut ngandang.
Dina pupuh aya nu disebat Sekar Ageung nyaeta pupuh anu ilahar / sering dianggo ku pangarang (panganggit) pupuh diantarana nya eta Kinanti, Sinom, Asmarandana, sareng Dangdanggula (ilahar disingget / diwancahkeun janten KSAD). Nu sanesna (13 pupuh deui, sesana) disebat Sekar Alit.
Pupuh oge gaduh watek anu ngagambarkeun kaayaan (rasa hate, pikiran, paripolah, pasipatan, kaayaan / kaendahan lingkungan alam sareng sajabi ti eta).
Pupuh teh tara leupas sarta aya patula-patalina sareng seni sora (lagu). Seni sora anu make dasar pupuh upamana bae kayaning Cianjuran, Ciawian, Cigawiran, beluk, gending karesmen, jeung sajabana. dilagukeun dina laras pelog, degung, salendro, madenda, nyorog, sareng tugu, . Kitu deui dina ngahaleuangkeunana diraeh numutkeun lagu.
Ka sugri para wargi anu parantos uninga sareng ahlina, mugia ulah waka ngagegebrigan, nyawad kanu nembe diajar, pami ngalereskeun mah sayaktosna kedah, mung ulah dugika nu dialajar teh sawan kuya, teunggar kalongeun, ahirna aralimeun miara, bujeng bujeng mikanyaah. Kasenian sunda anu ublu-abla legana sareng ledok lendo (subur) ulah dugikeun ka kubra teu diurus ku bangsana.
Pami kasundaan anu baheula kantos punjul, hayu atuh urang jantenkeun eunteung sareng modal. Salajengna dina ngalakonan hirup kumbuh kiwari anu dipangaruhan budaya deungeun (utamina ilmu sareng teknologi) urang kedah tiasa ngigelanana sareng ngamangpaatkeunana.
Hayu ieu budaya urang teh cuang jantenkeun bebenteng ‘bendungan caah budaya ti batur’. Leutak kokotor budaya deungeun teh keun sina namper, ciherangna urang anggo ngocoran ‘sawah budaya ‘ urang, kitu deui atuh ‘runtahna’ mah urang piceun. Pikeun urang (utamina nonoman Sunda ) teh aya pancen tundan siring miara sarta ngawangun seni budaya dirina, geusan bisa punjul sarta samartabat sareng bangsa /seler sejen..
Mangga di handap ieu kasanggakeun ugeran sahinasna dina ngawangun rumpaka pupuh sunda.
Ugeran
No – Nami -Jumlah Padalisan- Jumlah Engang; Vocal Tungtung – Watek
1 Asmarandana -7- 8i, 8a, 8e atawa 8o, 8a, 7a, 8u, 8a – Silih asih, silih pikanyaah, pepeling
2 Balakbak -3- 15e, 15e, 19e Heureuy, banyol tapi lantip/sopan
3 Dangdanggula -10- 10i, 10a, 8e, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7a Kabungah, sugema
4 Durma -7- 12a, 7i, 6a, 7a,8i,5a, 7i, Sumanget, gede pangharepan, gilig
5 Gambuh -5- 7u, 10u, 12i, 8u, 8o Bingung, kanyeri, kasusah, samar polah, sedih
6 Gurisa -8- 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a Lulucon, ngalamun, pangangguran, malaweung, tamba kesel
7 Juru Demung -5- 8a, 8u, 6i, 8a, 8u Bingung pipikiran
8 Kinanti -6- 8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i Kebek pangharepan
9 Ladrang -4- 10i, 8a, 8i, 12a Banyol, sindir
10 Lambang -4- 8a, 8a, 8a, 8a Pikaseurieun, banyol
11 Magatru -5- 12u, 8i, 8u, 8i, 8o Sedih, keuheul, handeueul polah sorangan
12 Maskumambang -4- 12i, 6a, 8i, 8a Nalangsa, sedih
13 Mijil -6- 10i, 6o, 10e, 10i, 6i, 6u Kasedih tapi gede harepan
14 Pangkur -7- 8a, 12i, 8u, 7a, 12u, 8a, 8i Ambek ditahan, napsu kapegung, ambek mentegeg, mayunan pancen / masalah anu beurat
15 Pucung -4- 12u, 6a, 8i, 12a Pepeling, wawar
16 Sinom -9- 8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8i, 12a Sumanget, gumbira, deudeuh
17 Wirangrong -6- 8i, 8o, 8u, 8i, 8a,8a Wiwirang, pikaeraeun polah sorangan
Lagu-Lagu Pupuh
Saban pupuh aya laguna sewang-sewangan. Lagu anu dimaksud diantarana bae kasebat dina pupuh anu kaasup Sekar Ageung (Kinanti Sinom Asmarandana jeung Dangdanggula – wancahkeun we KSAD) di handap ieu.
Dina Pupuh Kinanti di antarana:
1. Lagu Buhun
2. Kidung Pelog
3. Kidung Salendro
4. Kidung Pa Rusmana
5. Ceurik Rahwana
6. Pacul Goang
7. Ninun
8. Kinanti Degung
9. Panimang
10. Jeung sajabana
Dina pupuh Sinom di antarana:
1. Sinom Pangrawit
2. Sinom Degung
3. Sinom Liwung
4. Sinom Cirebonan
5. Sinom Cahya Sumirat
6. Sinom Kapati-pati
Dina pupuh Asmarandana di antarana:
1. lagu Buhun
2. lagu Ceurik Oma
3. lagu Pamuradan
4. lagu Randegan
5. lagu Bungbulang
Dina pupuh Dangdanggula di antarana:
1. Lagu dina laras Salendro
2. Lagu Bayubud
Dina praktekna (Faturohman, 1983:37)nganggit atawa ngagurit pupuh mangrupa dangding teh tara pisan leupas tina pangaruh lagu jeung pangaruh wilangan.
(1) Pangaruh lagu.: (a) kecap atawa kalimah dipecah atawa ditukeur tempat, contona ‘panggih papasten’ jadi ‘papasten panggih’; (b) sok aya pacorokna basa kasar jeung lemes, upamana wae kusabab tungtung engang hayang keuna kana akasara u anu lemes campur jeung kasar,contiona “Panangan kiwa” jadi ‘Panangan katuhu”; (c) ajen sora diganti ku ajen padoman, contona “beunghar; ku ‘jegud’;(d) pakeman basa anu dirumpak misalna ‘saur manuk’ jadi ‘saur paksi’.
(2) Pangaruh wilangan: (a) ‘ matak giung lain ku duyung’ jadi ‘matak giung lain ‘duyung; (b)engang dileungitkeun, contona ‘asup ka jero’ jadi ‘asup ka jro’;(c) engang ditambahan, contona ‘prabu’ jadi ‘parabu’; nambahan rarangken keur ngajejegan engang, contona ‘ahir-ahir katalampik’; (d) kalimah dipotong atawa misah jadi dua padalisan, jadi ngahartikeunanan kudu gempleng dua padalisan eta.
Nu kaaalaman ku sim kuring, nulis guguritan teh leuwih lancar mun urang bisa ngahariringkeunana, jadi bisa kanyahoan merenahna guru wilang jeung guru laguna.
Sanaos sim kuring oge seueur patarosan, keun we heula urang tunda. Mangga urang dialajar pupuh warisan sepuh, etang-etang ngabaladah deui, sawah nu kubra henteu kapolah.
Cag, sakitu heula.
Sunda miang sunda midang
sukamenak indah -koposayati
bandung 16042011