Ku ayana tempat pagempungan balarea di mandala maya nu disebut Facebook, aya hikmahna keur sim kuring, nyaeta sayagi rohangan notes anu digunakeun ku kuring keur nyieun pupuh, ti dinya nembe diunggahkeun ka ieu situs.
Kabiasanana lamun kuring nyieun pupuh teh ditulis dina catetan (note) profile sarta ditulis langsung dina layar komputer atawa gadget / handphone, arang langka dikotret heula. Implengan jejer / judul pupuh sok mucunghul tina obrolan atawa kaayaan di masyakarat, di kantor, di jalan, di pasar, diimah, malah sok aya nu jadi kereteg teh keur mangsana mandi.
Ngarot (sharing) pikiran di facebook teh pakuat pakait jeung silih tumpukna (paciwit-ciwit lutung) post update obrolan urang jeung babaturan, nepikeun ka posting pupuh oge sok rurusuhan sabab hayang seger, jeung luyu kana kayaan rasa anu tembong (mood) atawa poko obroral anu haneut saban poe atawa minggu harita. Atuh katutug karintug salian ti can maher, katambah kaayan waktu anu kurang salse, tangtuna bae hasilna teh moal sampurna. Tulisan mindeng pisan salah ketik atawa kalimahna teu merenah, nya kapaksa sok diropea (diedit) deui sanggeus diilikan.
Ti tadina oge kuring lain hayang jadi sastrawan, tapi hayang gunem catur silih simbeuhan dina rasa kasundaan, tapi sajeroning ngobrol teh susuganan sasieureun sabeunyeureun aya ajen anu bisa mangaruhan kana sikep paripolah sim kuring, malah mandar jadi pengeling ka nu maca, nya urang sadaya.
Ka sugri para wargi anu palay uninga kana tulisan sim kuring di facebook, tiasa ditingali di folder notes. Tangtosna bae urang kedah silih wanohan heula. diantos di facebook.com/mangjojo.
Bobo sapanon carang sapakan dina ieu pedaran mugi kersa ageung cukup lumur jembar pangaksami.
Cag.
sip. heded mang. panuju pisan abdi mah. wilujeng
hatur nuhun ghan EK, ieu pan pang rojong pangersa…; htr nuhun