Guguritan teh asal kecapna tina gurit, mulungan tina Sangsekerta Garth anu hartina nyusun karangan (Faturohman, 1983:20)*. Dina basa sunda guguritan teh ngarupakeun karangan-ugeran (puisi) anu diuger ku patokan Pupuh. Salianti guguritan karangan anu kauger ku pupuh teh nya eta Wawacan. Ari bedana guguritan diwangun ku sababaraha Pada (bait), ari wawacan mah diwangun ku ratusan malahan rebuan pada. Numutkeun Faturohman, guguritan dina basa Sunda teh mangrupa seni sampeuran ti seni budaya Mataram, sareundeuk jeung dierehna (dijajahna) tanah Sunda ku karajaan Mataram sanggeus nagara Pajajaran runtag taun 1579 M.
Seueur Guguitan anu di anggit ku pangarang Sunda, kitu deui wawacan. Diantarana Guguritan yasana Muhammad Sanusi dimuat dalam Padjadjaran (Oktober 1919). Kitu deui Wawacan ‘Purnama Alam’ yasana R. Soeriadiredja, ‘Pandji Wulung’ yasana RH.Muhammad Musa. Wawacan nu sejenna diantaran : Angling Darma, Istri Sjajati, Danumaya, Ganaswara, Lutung Kasaraung, Bermana Sakti. Pangarang kahot bapa Yus Rusyana sareng Istrina ibu Ami Raksanagara kantos nalungtik ngeunaan guguritan / wawacan ieu, namung hasilna masih keneh teraskeuneun, sabab ‘hasilna can nyugemakeun’ kitu numutkeun bapa Ajip Rosidi (20 Juli 1983)ngeunaan panalungtikan Pa Yus Rusyana kasebat.
Guguritan (Faturohman, 1983:26)teh bisa dipasing pasing ku 17 pupuh oge dipasingpasing nurutkeun eusina: (1) Piwulang, misalna ‘Wulangkrama’ yasana RH Muhammad MUsa; (2) Kaendahan Alam, contona ‘Titingalan di Puncak’ (M.A, Salmun); (3)ngebrehkeun kanyaah sasama manusa , contona ‘Hutang nu moal Kabayar’ (M.A. Salmun); ngeunaan pacabakan, contona ‘ ‘Patani’ (S. Natamihardja); nyaritakeun musibat alam, misalna ‘Kiamat leutik’ (T.Jayadilaga); nyaritakeun kasedih, contona “Leungiteun Bapa’ (R. Memed Sastrahadiprawira; atikan agama misalna ‘Kinanti Ngahurun Balung’ (R.H. Hasan Mustapa).
[hanca]
*) Faturohman, Taufik,1983,Ulikan Sastra,Djatnika,Bandung.