CIOMAS PANJALU


Nguningakeun rehna bali geusan ngajadi banjarkarang pamidangan sim kuring teh namina Ciomas.

Ciomas teh hiji desa di kacamatan Panjalu kabupaten Ciamis. Ayana di tutugan kaler gunung Sawal (1764m DPL), kalereun dayeuh Ciamis. Tebihna kinten-kinten 31 kilometer upami ngalangkungan Kawali. Dupi ti kota Tasikmalaya mah tiasa ngalangkungan Rajapolah, Indihiyang, sareng Ciawi, tebihna 35 kilo meter. Upami ti Bandung ngalangkungan Nagreg – Malangbong – Pamoyanan Ciawi – Pasantren Suryalaya, kirang langkung 103 kilo meter. Ti Cirebon ngalangkungan Kuningan-Cikijing-Panawangan- Winduraja Kawali kinten-kinten 100 km.

Danget ieu ka Panjalu seueur wisatawan anu sarumping pariknik seja wisata sajarah sareng wisata alam. Panjalu tiasa dibujeng nganggo angkutan umum (misalna ti Bandung mah ti stasiun KA -ngalangkung kaca-kaca tol Pasirkoja), atanpi angkat rombongan nganggo beus, mobil pribadi, atanapi motor. Tempat reureuhna di ditu di tonggoheun Puskesmas, luhureun Nusa Gede,  wanakusumah (makam para raja) anu dikurilingan ku situ Lengkong.

Numutkeun catetan sareng tutur carios karuhun, Panjalu ngagaduhan sajarah anu pakuat pakait sareng karajaan Galuh Pajajaran katut Mataram.

Almarhum jenatna persiden Gus Dur sering angkat ka dinya nuju anjeuna jumeneng keneh mah, malihan anjeuna ngangken turunan raja Panjalu (wallahu ‘alam), atuh kukituna seueur para nahdiyin ti Jawa Timur , Jawa Tengah, Madura, anu sok sarumping, seja jarah. Kitu deui aranjeuna sok sarindang ka Ciomas, da didinya teh aya pajaratan eyang Panghulu Gusti, sesepuh agami baheula, ngaradon nyekar, ngadungakeun anjeuna.

Di Panjalu sok aya acara anu maneuh unggal taun, nyaeta anu disebat Nyangku, upacara ngabersihan titinggal sajarah anu disimpena di Bumi Alit kiduleun alun-alun. Patilasan karuhun Panjalu oge seueur pisan, puseurna ayana di Karantenan – Puncak Gunung Syawal kiduleun Ciomas lembur kuring.

Desa kuring Ciomas mah palih wetaneunana Panjalu, 3 kilo meter jajalaneun ka Kawali. Sakumaha anu kasebat di luhur di lembur Ciomas teh aya oge wanakusumah ( cagar alam cagar budaya anu mangrupi makam), pajaratan Eyang Panghulugusti, sesepuh anu ngaluluguan masalah agama dina jamana. AYa nu nyebatkeun Eyang Panghulu Gusti teh jenengana Syekh Nurdin, namung teu acan kaguar leres henteuna sareng kumaha kacindekanana numutkeun elmu pangaweruh sajarah. Salajengna wetaneun Ciomas aya tatangga desa anu gaduh objek wisata Curug Tujuh Gunung Syawal di kampung Nanggela anu kalebet desa Sanding Taman. Eta cinyurug teh ngocor ti gunung Sawal keneh.

Ciomas numutkeun etangan geografis nyaeta leresan 7 darajat 21′.8″ Lintang Selatan sareng 107 darajat 21′ 08″ Bujur Timur. Tiasa di paluruh nganggo Google Earth / Google Maps. Ieu lembur teh di payuneun lamping anu ngajungkiring gunung Pasaleman (kalebet anak gunung Sawal) di palih kidul.

Wewengkon desa Ciomas ngalingkup 11 kampung, diantawisna Nagasari anu baheulana saur nu apal kana raratan sajarah Panjalu mah, kantos janten Dayeuh Karajaan Panjalu.
Kontur tanah miring pagunungan, pasawahan umpak-umpakan (terasering), kebon katut tegalan (semak) alam pagunungan. Tutuwuhan ageung alit mangrupi kakayon, sapalih tegalan eurih sareng kirinyuh. Tamplok cihujan k.l 2000 mm / taun. Kelembaban 70-80%. Hawana kalebet tiis kirang langkung antawis 17 – 27 darajat celsius.

Salasawios warisan karuhun didinya nyaeta dicekelna papagon sarta pamadengan balarea dina miara alam, ngahiji jeung alam, sarta ikhtiar pangger dina ngagem agama. Tatakrama sopan santun oge ngajadikeun ciri paripolah jalma di dinya. Jalma unggal kampung sauyunan pisan, gawe babarengan rereongan teh geus lumrah ti baheula.

Harita nuju jaman jayana, di Ciomas / Panjalu seueur kasenian anu dipiara kayaning angklung, calung, reog, sanewara, upacara adat, gemyungan, seni terebang katut genjring , tayuban, beluk, karinding, katut tagoni. Kiwari sigana kaluliluli, anu aya keneh teh teh seni kariding. Seni budaya Islam ngeuyeuban lembur kayaning marhabaan sareng tagoni.
Seni kawedukan sapertos debus, seni penca silat dimaruhit ku balarea dina jaman kapengker.

Urang Panjalu nyaraba ka kota, utamana ka Bandung, Jakarta, Surabaya, Cianjur, Sukabumi, Cirebon, Surabaya, Malang, malah teu saeutik anu ngumbara di Sumatera, Kalimantan, Bali, NTB, Sulawesi, tur pulo sejena di Indonesia wetan.
Tukang beusi atanapi jongko matrial di Bandung tos teu bireuk deui, boh di Jatayu, di Kebonseureuh / Kebonsirih, di Cicadas ssjte.

Di Bandung aya kleub maen bal nu disebut POPP (persatuan olahraga putra panjalu), nyaeta anggahota divisi utama Persib (Persatuan Sepakbola Indonesia Bandung.

Ciomas, lembur panineungan, lawas ditinggalkeun, da kuring anclang anclangan ngumbara alatan ku pancen pacabakan, nyiar kipayah ka unggal manahab.

“Lebakeun mumunggang gunung, diapit ku lamping pasir, dicirian ku caringin, matak endah matak betah…” kitu pasian sajak (yasana bapa Wahyu Wibisana ?) anu baheula sok dipentaskeun keur mangsa kuring budak keneh… hehe..

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Connecting to %s