About mangjojo

dunya can tangtu katimu, poe akhir geus pasti kapanggih

DEMOKRASI – MEDIOKRASI

KADE KACOLONG BADE
[asmarandana]

legislatip teh wawakil
eksekutip nu marentah
yudikatip anu ngontrol
di toongan ku media
kabehna boga hanca
anu kawasa keur ngatur
nagara kamana jigna

amanah pikeun wawakil
lamun nyieun undang-undang
ulah arek kabelejog
titipan ti nagri sabrang
nu maksud ngatur urang
kudu disinglar sing jauh
lain kalah dihaminan

eksekutip tong korupsi
sing tanggoh ngurus nagara
waspada jeujeuhan komo
tong ngan inget keur ayeuna
kudu dangka lana
lain mikir ngan saukur
‘ngamuhit duit ka imah’

yudikatip kudu adil
hukum lain kaulinan
‘topi ulah sina dengdek’
jual beuli kaputusan
dolim keur jalma awam
hukum nu ahung-ahung
balukar taya peurahan

media kacida penting
gede pisan mangpaatna
tapi mun dipake goreng
gede pisan akibatna
matak salah narima
loba jalma nu kasarung
nyalahan bengkok lampahna

mun mangprung ‘mediokrasi’
nu perang tanpa pakarang
pacampur bener jeung bohong
sok ngacowkeun pamikiran
komo ninggang nu awam
gampangeun meunang pangaruh
teu apal jeroanana

anu silib nu nyamuni
dibungkus ku kasenian
budaya teori kosong
dipurilitkeun alesan
ilmuwan budayawan
loba anu saur manuk
katempo siga ilmiah

salah nurutkeun ilahi
nu kaunggel dina kitab
henteu puleuk tapi jentre
tapi sok diacak-acak
ngucek ngiruhan otak
manusa beuki adigung
marawa karep sorangan

lamun urang daek nilik
bari mata rada beunta
sajarah geura pek tempo
jalma nu hirup baheula
anu alus nu gorengna
pasti urang bakal nimu
pangajaran pangalaman

anu dengki anu dolim
nu minculak anu nirca
nu musrik eta geus eces
bakal nampa balukarna
teu maunat keur hirupna
umat kabeh ancur lebur
taya anu walakaya

mun bebendon niti wanci
taya bisa nu ngahulag
jalma goreng jalma hade
henteu rek diwilah-wilah
da moal dengdek sabeulah
kabehna pasti kabaud
karingkid meunang mamala


skmi 23052012
by Mang Jojo on Wednesday, May 23, 2012 at 9:27am ·

BUJANGAN

LALAMUNAN NU BUJANGAN
[sinom]

poe ieu hate bangbrang
sabab rek narima gajih
gajih kuring nu munggaran
reana sajuta leuwih
rarancang kahiji
rek sodaqoh kanu butuh
pan eta kawajiban
sanajan rejeki leutik
mere maweh henteu ngadagoan beunghar

rarancang anu kadua
isuk kuring arek balik
ka kolot arek munjungan
da sono hayang papanggih
tos lami sasasih
rarasaan teh sataun
jeung hayang manggihan
bebene nu camperenik
geus sabulan dina mata teh ngalangkang

ari anu katiluna
kuring hayang meuli samping
tatahar jang seserahan
pikeun engke lamun kawin
ti ayeuna nyicil
ambeh henteu santek waktu
teu ngadago dina derna
dikeureuyeuh hiji-hiji
da rumasa kuring lain jalma boga

ari anu kaopatna
hayang boga kios leutik
kahareupna arek dagang
kawas batur nu balantik
sisi toko nyempil
ambeh teu ditilang ‘tibum’
dagangna tumaninah
mun salse ngajaga ‘parkir’
unggal bulan boga eukeur bebekelan


skmi 22052012
by Mang Jojo on Tuesday, May 22, 2012 at 11:31am ·

BUDAYA TEU WELEH OBAH

UJANG NYAI
[pucung]

lamun urang inget kana hirup kumbuh
sok inget budaya
asalna ajen inajen
anu namper tur dipake balarea

nu geus namper hiji waktu jadi kiruh
kusabab barobah
balukar aya nu ngome
tatamperan nu anyar ge jadi beda

dina hirup ilahar geuningan kitu
najan geus merenah
lila-lila mah ngageser
kadang kala robahna teh jauh pisan

ari basa eta budaya kaasup
ajen-inajen manusa
keur nepikeun eusi hate
nu kapikir supaya batur arapal

sesebutan ka jalma teu bisa kukuh
jaman mangaruhan
kalumrahan nu dipake
contona mah jujuluk nyai jeung ujang

nyai nyi mas baheula eta saestu
keur wanoja mencrang
anak ningrat nu awewe
mun si ujang jajaka anakna menak

ka nu kasep nyarebutna teh geus lumaku
encep aden agan
jalma somah hormat kabeh
sesebutan anu dikantet jeung ngaran

beh dieuna arembungeun ‘payung butut’
sesebutan aya
ngan beda anu dipake
ngaberendel jalma teh marake ‘gelar’

asa leuheung mun dipake keur dikampus
da eta tempatna
tapi lamun dinu sejen
duka teuing kudu kumaha mernahna

aya deui gelar haji teh geus umum
kitu tah di urang
rea jalma nu marake
kajeun teuing haji ngan ukur sirahna

ujang nyai budaya teh geuning kitu
teu weleh barobah
teu sirikna unggal poe
komo deui kiwari alam nalembrak

naha tega budaya urang kagusur
ngan kari catangna
tunggul nu teu dipalire
diantepkeun kalahka pinuh ku supa

alusna mah budaya urang dikukut
sarta dipiara
dicokotan anu hade
anu goreng tangtu kudu dipiceunan

—-
skmi 21052012
by Mang Jojo on Monday, May 21, 2012 at 1:35pm ·

SI KABAYAN HUDANG GERING

MAMAYU
[Balakbak}

si kabayan katarajang ku panyakit – hareeng
ngoprot kesang hulu pusing badan leuleus – ngalempreh
kuduna mah kuduna mah diopname tapi nolak – teu daek

keur mamayu kabeukina angeun gule – jeung sate
dahdar endog campur tomat heug digoreng – omelet
nu ngasakan nu ngasakan pamajikan awak leutik – tur begeng

nyai iteung meuli daging pasesaan – nu ranyed
pantes ranyed daging ipis sesa motong – kerewed
najan asak najan asak daging lamad hese pisan – digegel

matak cangkeul lila nyapek da huntuna – raronges
daging nyelap na gugusi gararetek – dicokel
entas nyokel entas nyokel ceuhilna teh diguguntur – ku ci teh

disodoran pais lauk rubak hideung – gurame
si iteungna teh ngareret sura seuri – nyerengeh
gurame teh kop dicewol si kabayanna am dahar – belewek

urab jengkol seupan genjer ngan saukur – direret
majarna teh nu kitu mah teundeun wae – keur engke
mamayu mah mamayu mah dahar ponyo lamun ngeunah – dicapek

karek cageur geus gep deui cukal cekel – ngarawel
teu kuhanteu tas gering teh bet teu kuat – garetek
kawas hayam haturian lajag lejeg samar polah – dedehem

si iteungna api-api henteu ngarti – ngahenen
si kabayan ngadeukeutan ngaragamang – heug noel
si iteung teh si iteung teh anggur ngejat jeung leungeuna – kekepes


skmi 21052012
by Mang Jojo on Monday, May 21, 2012 at 10:54am ·

ENYAAN, SAGALA KUDU MERENAH

RADIKAL BEBAS
[asmarandana]

gusti anu maha suci
anu welas ka mahlukna
dina nyipta teu sabongbrong
sagala aya gunanana
urang kari ngulikna
ngagunakeun akal elmu
keur ngaguar rusiahna

hirup teh binarung hurip
nu bagja hayang waluya
jagjag tur henteu rerempo
cageur bageur badan sehat
tiktikbrek urang palias
tur miharep panjang umur
supaya rosa ibadah

tuang leueut sing tarapti
kudu halal tur ‘thoyibah’
kadaharan anu sae
sanes mung raos na ilat
tapi sampurna sarat
supados teu janten racun
nu nyamuni boh nu jelas

radikal bebas sok nguping
nanaon atuh barangna
sim kuring teu acan ngartos
ngan sok sieun kakupinga
cenah ageung bahayana
lamun nyaliara na tuwuh
saurna matak ngaruksak

matak urang kudu ngarti
radikal bebas antina
ngajaga urang samemeh
katarajang ku panyawat
bahanna seueur di urang
nagri nu sakitu subur
di batur can tangtu aya

salianti kitu deui
urang kudu pageuh muntang
waspada disiplin ongkoh
kana sagala aturan
anu lungsur ti pangeran
diantarana teh saum
jeung aturan dina dahar

tuang ulah wareg teuing
sapertilu kadaharan
sapertilu kudu kosong
sapertilu keur caina
kitu geuning aturanna
memeh beuteung urang kembung
dahar kudu dieureunan

dahar oge ulah ancin
bilih bisi kumaonam
kakurangan gizi ongkoh
ulah sagala sieunan
tirakat kateuingan
da eta ge henteu alus
malah goreng balukarna

tuang leueut siang wengi
lamun sagala merenah
insya Allah bakal sae
komo dibarung pikiran
nu tenang teu geumpeuran
kabingung montong diingu
kasusah tong dipiara

sumerah sabarkeun ati
tapi ihtiar lakonan
nu ngajaga mah pa Alloh
sadaya pangersaNa
urang mah ngan mahlukNa
ka mantenNa nya tumungkul
sumerah kuma palayNa.


skmi 15052012
by Mang Jojo on Tuesday, May 15, 2012 at 9:47am ·

UBAR TINA TUTUWUHAN

BIT

[asmarandana]

baheula mah sok nyebut ‘bit’
lamun ngabolaykeun ucap
ralat lamun salah ngomong
babaturan teh arapal
ucap memehna batal
biasana bari nyiduh
nandakeun urang hanjakal

ari ieu lain deui
beubeutian pikeun ubar
hasiatna geuning gede
baheula mah da teu apal
bari jeung teu ilahar
singhoreng geuningan kitu
ayeuna mah geus kaguar

sarua reujeung saledri
kitu deui bayem lobak
teu beda ti kembang engkol
beuti kentang tur saladah
daging kacang jeung korma
mineral anu dikandung
geuning kacida lobana

beuti nu rea vitamin
‘be hiji ‘reujeung ‘be dua’
kitu deui ngandung pospor
vitamin ‘se’ teu kaliwat
aya lemak jeung ‘serat’
kalsium sarta sodium
zat beusi kadarna rea

vitamin ‘a’ dikandung bit
aya deui asam folat
dina beuti nu moronyoy
pinuh ku anti oksidan
panon ge jadi cekas
mangpaat tina kalium
nu ngatur ‘tekanan darah’

hasiatna loba deui
salianti tulang kuat
boga anti karsinogen
kanker dicegah ditahan
tanaga teh nambahan
gajih dipiceun teu numpuk
oksigen jalanna lancar

saterusna obat ati
komo atuh anemia
kitu deui kana tumor
nyegah radang batu ginjal
racun na badan disinglar
ngajaga sehat hamperu
jeung hasiat nu lianna

ibu-ibu ge peryogi
kasereseban jeung nifas
getih nu merebey bocor
kedah aya gegentosna
supados awak teh jagjag
ibu nu murukusunu
ku bit mah tiasa berag

kersaning kudrat ilahi
obat teh seueur di alam
pami urang kersa ngoreh
henteu kedah sesah-sesah
beuti bit teh enggal pelak
minangka ‘apotek hirup’
dipelak di pakarangan


skmi 09052012
by Mang Jojo on Wednesday, May 9, 2012 at 2:10pm

IBADAH ANU GAMPANG

DONOR GETIH
[asmarandana]

baheula mah teu kapikir
aya amal anu gampang
misalna teh jadi donor
infaq getih keur sasama
nu gede mangpaatna
nulungan jalma nu butuh
katarajang getih kurang

ngalaman basa kamari
keur ngalempreh dina ranjang
aya parentah ti doktor
kudu ditranpusi heula
getih kudu ditambah
ambeh ‘habe’ anu turun
balik deui jadi normal

basa kuring rek disuntik
ku suster nurut parentah
kuring teh jadi olohok
ngalamun hate teh nanya
eta getihna saha
antukna panjang ngalamun
ngadunga ka nu ‘merena’

tilu labu teu saeutik
nyurucud ngeclakna anca
kuring teh teu weleh melong
kana getih dina selang
naha saha jalmana
anu enggeus daek nulung
ka jalma anu keur susah

bareto aya ‘pmi’
di kantor sok muka lapak
nu donor teh ting torojol
daratang da hayang nyumbang
teu miharep walesan
disedot getih sa’labu’
teu jejerih tapi bungah

ayeuna karasa geuning
donor getih penting pisan
sing rajin urang bebere
amal hade henteu susah
da eta ge ibadah
asal niat anu alus
miharep rido pangeran


skmi 0905201
by Mang Jojo on Wednesday, May 9, 2012 at 11:17am ·

AMPIH KA RUMAH SAKIT-2

‘DILADENAN ‘SUSTER

[asmarandana]

katarajang ku panyakit
nya atuh kuring kapaksa
kudu daek diopname
ngagoler luhureun ranjang
dikocoran infusan
nepi ka poe katilu
acan keneh diubaran

mimitina mah teu ngarti
bet diantep tega pisan
mana kitu teh singhoreng
arek dipariksa heula
panyakit jero badan
di-’check up’ badan sakujur
sagalana dipariksa

cenah kakurangan getih
naha kamana leungitna
musababna teu katangen
dokterna ge teu percaya
hasil tina mariksa
majar teh kabehna alus
matak himeng nu mikiran

nya atuh kudu tranpusi
tilu labu ngajejegan
angkanan naekeun ‘habe’
nya geuning alhamdulillah
angkana jadi nambah
bubuhan terus disuwuk
ku dahareun nu ngareunah

susterna oge gareulis
parigel sarta someah
tur gawena teu jareged
saregep sarta openan
tarulaten nitenan
ngukur ‘tensi’ sarta ‘suhu’
teu elat ganti infusan

isuk-isuk tara mandi
da tiris kalis dielap
make cai haneut keneh
sakapeung sok digentenan
diselang pamajikan
‘diseka’na make anduk
nu gering dipikaheman

ibu candoli nu rajin
unggal jadwal sok nganteuran
katuangan anu raos
tapi beda kaambeuna
karasa bau pisan
keur gering mah geuning kitu
salalamar pangangseuan

tukang ngepel oge rajin
budak ngora sopan pisan
digawena oge hade
kokotor diberesihan
rohangan dielapan
pacilingan ge teu bau
kawantu rajin nyusustan

suster dinesna bagilir
aya isuk aya beurang
dines malem dua poe
sarta ilahar bagadang
komo alarem reang
ngalenyap ge teu kaburu
sanajan panon nundutan

sok inget jaman bihari
da kuring kungsi ngalaman
lamun marengan keur dines
alarem lampu harerang
matak sok weleh mencetan
mesin nu ngadat teh kudu
geuwat gancang diomean

dokter kuring teh disiplin
anjeuna mah setreng pisan
teu gagabah lamun praktek
anca henteu sagawayah
pasenna geus pada apal
jalmina teh dedeg jangkung
jenengana teh wiryawan

puji syukur ka ilahi
ihtiar tos dilakonan
tatamba kuring parantos
mugi saterasna jagjag
kuring alim karugrag
pamugi teras lumangsung
disinglar tina panyawat

—-

skmi 07052012
by Mang Jojo on Monday, May 7, 2012 at 5:46pm

AMPIH KA RUMAHSAKIT

GERING
[mijil]

ari takdir teu bisa dipungkir
ninggangna teu nyaho
henteu milih badigal boh soleh
jalma jegud atawaning miskin
bodo pinter sami
kabeh ge kabaud

jalma hirup nu ngalaman gering
rupa jadi celong
ngabegangan awak jadi hepe
kari tulang kabalung ku kulit
duh karunya teuing
dugikeun ka kitu

sing tawekal ulah arek sedih
yakin gusti Alloh
mikawelas ka urang sakabeh
lamun sabar iklas jero ati
walesanna pasti
dosa teh dikurud

[maskumambang]
tatamba teh pabeulit jeung hese duit
da beyana mahal
teu cukup duit saeutik
mun geriingna rada parna

nya saleuheung lamun mayarna haratis
aya nu nalangan
orokaya jalma miskin
rek ka saha pakumaha

komo lamun panyakit teu daek leungit
hese ditambaan
nyiar ubar ‘alternatip’
geuning duitna jutaan

tong salempang hariwang jeung pondok pikir
da Alloh kawasa
tanggeuhkeun harepan diri
cageur teh kersa mantenNa

sore isuk tong weleh muji jeung dikir
menta dihampura
panyakit disinglar leungit
cageur bagja tur waluya


skmi 0705201

INFAQ

NGEUSIAN KENCLENG
[asmarandana]

duka saha nu mimiti
di masjid nawarkeun infaq
kencleng teh digeser-geser
keur waktuna khotib khutbah
tapi khotib teu nyegah
da meureun ilahar kitu
geus umum di nagri urang

kencleng disurung ka gigir
ngageleser gancang pisan
langka pisan anu nyandet
rajeun dicandet saurang
sora receh ngabetrak
duit kencring almunium
rega lima ratus perak

rebuan pinuh ku dahdir
ditilep dibagi opat
diasupkeuna teh hese
sabab kencleng pengek liang
atuh duit nyocokan
katempo pulasna butut
malum urut pamulangan

jariyah eukeur ka masjid
kawas anu pangangguran
langka anu soson soson
bororaah niat jihad
puraga tamba kadengda
nyaah duit anu alus
lalebar ngasupkeun dollar

sakapeung mah sok prihatin
jalma ngajajar di jalan
nyekel sair bari dongko
sepeker awong awongan
wawar keur pangwangunan
masjid nu tadina tajug
ayeuna rek diomean

waragad walurat duit
atuh ‘de-ka-em’kapaksa
ngerid jamaah sing rame
caricing di tengah jalan
jeun teuing papanasan
miharep duit teh lang lung
haliber tina wahana

urang teh naha bet pelit
sangkilang rejeki loba
keur ibadah geuning koret
sagalana teh ijiran
taya niat balabah
ngeusi kencleng teh ngan ukur
sesa jeung sakapanggihna

padahal mun urang gering
komo mun geringna parna
tara ieuh hararese
hayang cageur sarta jagjag
barang ge dijualan
ongkos keur mayar ka dukun
dukun lintuh duit beak

naha ti saha rejeki
lamun lain ti pangeran
tapi urang lelewodeh
najan eta kawajiban
misahkeun jatah infaq
boh keur bungah boh keur ripuh
mun hayang jadi nu taqwa

sihapunten sanes nyindir
palias da sanes nyawad
da ieu mah nepa maneh
can sampurna kalakuan
sok reureundahan iman
najan ngaji unggal isuk
‘mamah dedeh’ ngawejangan


‘de-ka-em’ = dewan kemakmuran masjid

skmi 13042012
by Mang Jojo on Friday, April 13, 2012 at 2:40pm ·

SUMANGET

ULAH PONDOK HAREPAN
[kinanti]

entong kabubu ku bingung
ulah kabeulit ku sedih
ulah kaeurad masalah
sabab lamun sabar eling
jalan matotoskeun datang
ti gusti nu maha suci

ngahuleng ngahurun balung
mikiran hate nu peurih
eta teh taya gunana
da masalah moal leungit
mun karudet teu dilawan
geuwat hudang beberesih

ubaran hate nu nguyung
sina berag geuwat ganti
hate ceudeum sina caang
entong dibawa nyungkelit
komo nepi kaleleban
palias paralun teuing

da hirup mah geuning kitu
aya beurang aya peuting
aya susah aya bungah
biasana piligenti
lamun ayeuna keur susah
ulah teleb teuing mikir

cocoba sakapeung mukpruk
boh ti sisi boh ti gigir
ti hareup sarta ti tukang
luhur handap kitu deui
matak bingung pakarepan
sakapeung mah buntu pikir

pek tobroskeun unggal buku
ibaratna lodong awi
lila-lila mah ngaliang
molongo sanajan leutik
mun dicokrah ngagedean
nguluwung lodong teh jadi

ulah rek nyalahkeun batur
komo deui kana diri
hate urang kudu jembar
kudu tigin turta yakin
nu bener meunang ganjaran
wawales moal pahili

nasib urang oge kitu
tara torojol ti langit
urangna kudu ihtiar
daek ngesang keyeng mikir
ngadunga bari jeung sabar
tawekal sumerah diri

geura pek rajin tahajud
sholat hajat sarta witir
puasa tur bayar jakat
sodakoh ka jalma miskin
bari gedekeun istigpar
isuk sore maca tasbih

ka Allah urang panuhun
neda jalan kenging widi
karudet teh enggal nyingkah
janglar sarta tingtrim ati
dibukakeun ku hidayah
masalah teh sina nyingkir


skmi 12042012
by Mang Jojo on Thursday, April 12, 2012 at 9:15am

MIKAHEMAN BASA SORANGAN

KAJEMBARAN BASA SUNDA
[asmarandana]

hayang apal basa inggris
kursus dibelaan hutang
ngapalkeun hese beleke
henteu wegah najan susah
reueus lamun pareng bisa
ngomong teh bisa cas cis cus
asana teh beuki gaya

tapi mun basa ‘parancis’
nya eta basa sorangan
tambelar ditoler toler
haroream ngaropea
sangkilang euyeub tur jembar
matak helok bangsa batur
nu diajar basa sunda

contona mah aya hiji
kecap sarua maksudna
tanda jalma batur ngobrol
pasangan keur pacentalan
batur basa paguneman
ngan bedana ucap wungkul
nu dimaksud angger eta

nya eta kecap silaing
nu maksudna teh andika
sarua hartina maneh
maksudna mah pan ‘didinya’
eta teh anjeun hartina
pangersa kanggo pangagung
basa garihalna sia

salira hartosna sami
teu benten ti panjenengan
ka putra nyebatna hidep
ka menak nyebat gamparan
ka caroge nyebat engkang
ka raja nyebut sinuhun
ayi ka nu leuwih ngora

aya deui clom giriwil
kanu nguseupna bangenan
useup anu karek anclom
geuwat lauk teh nyanggutan
sabab resep ngambeu eupan
ari gep ari kunyunyud
giriwil laukna beunang

anu nyemah kitu deui
datang geuwat disuguhan
paribasana teh geksor
marengan dahareun aya
semah teu ngadago heula
sanajan karek gek diuk
sor suguh pada harita

dur am mangsa wanci magrib
kitu budak nu puasa
dur bedug basa ditakol
am dahar ngubaran lapar
didodohona ti asar
ta’jil nu dikumpul-kumpul
tungtungna henteu kadahar

loba deui mun diwincik
kajembaran basa sunda
tapi naha jadi aneh
jalma teh henteu arapal
alesan hese makena
kalah make basa batur
milu kumaha ramena

lian ti kudu diaji
utamana mah da prakna
heug dipake sapopoe
teu cukup alusna sastra
tapi keur kabeh sakumna
pake dina hirup kumbuh
gejahkeun ku balarea


‘parancis’ = parapatan ciamis

skmi 12042012

HIKMAH MUSIBAH

HAYANG ROBAH
[maskumambang]

henteu nyangka balukarna kitu geuning
anu rumah tangga
pagetrengna beurang peuting
anak anu jadi korban

awet rajet lila jeung teu euih-euih
tapi teu ngarasa
akibatna teh ngajadi
susah kolot jeung budakna

pamustungan nu bungsu kalahka gering
teu cageur ku ubar
ceuk dokter ti rumah sakit
budak euweuh panyakitan

tapi naha mun datang eta panyakit
budak jejeritan
pepereket tapi eling
sok hayangeun diadanan

ku dulurna dibacaan ayat kursi
sarta alfatihah
istigfar dibarung takbir
geus kitu rerep jadina

ngan nyakitu luplep datang terus nyingkir
teu angger repehna
badanna tiis ngagibrig
ambekan renghap rumenjag

baheula mah ceuk batur teh kasambat jin
nelah kasurupan
tapi da ieu mah eling
ucapan henteu ngacacang

ngan indungna gawena teh lanjang linjing
siga samar polah
hatena teh henteu tingtrim
sarta loba kasieunna

salakina siga anu karep teuing
teu daek mantuan
manehna bingungeun pikir
teu apal kudu kumaha

diubaran ku jalmana anu ahli
kana elmu jiwa
dijejelan ku sugesti
diajak rajin ibadah

nya tidinya panyakitna rerep deui
nyingkah ti badanna
paromanna normal deui
mulang deui ka asalna

budakna teh kahareupna seja jangji
robah pipikiran
ka pangeran rea dzikir
ahlak arek diomean


skmi 04042012
by Mang Jojo on Wednesday, April 4, 2012 at 9:20am

WANCI ASHAR WANCI SHUBUH

DINES ‘SHIFT’
[kinanti]

malaikat teh karumpul
sabab dinesna rek ganti
lir ibarat jadi ‘satpam’
pancen gawe teh digilir
aya nu jagana beurang
diaplus nu dines peuting

seren sumeren teh subuh
mangsa asar kitu deui
amal jalma poe eta
sakabehna teh diroris
laporkeuneun ka pangeran
hade goreng teh diringkid

kitu hadis nu kadangu
kasauran kangjeng nabi
diuningakeun ajengan
dikupingkeun para santri
nu nyarekel eta kitab
yasana imam bukhori

maos tasbeh masing khusu
istigfar saratus kali
neneda kanu kawasa
mugia amal ditampi
dilubarkeun tina dosa
nu karaos anu muni

rarasoan lulus banglus
malahan bari jeung yakin
poe ieu gede amal
buktina mah loba hasil
tapi eta can karuhan
ku Allah amal ditampi

lamun iman teu nyangkaruk
teu namper di jero ati
komo mun bari jeung riya
ku batur hayang kapuji
asa nu meunang sorangan
alatan hebat prestasi

sabab setan sok mimilu
ngukuntit ka mana mendi
ngagodana timamana
seseleket kawas beurit
ti hareup sarta ti titukang
luhur handap tur ti gigir

ku eta jalaran kitu
saban sonten unggal enjing
kitu deui pasisiang
teu kendat urangna eling
nyuhunkeun ditangtayungan
ku gusti nu maha suci


skmi 01042012
by Mang Jojo on Sunday, April 1, 2012 at 4:13pm

NYAAH DULANG

CAAH KU KANYAAH
[asmarandana]

siga ginggiapeun geuning
majar embung loba budak
alatan ngurusna hese
jeung barangga ku waragad
pangalaman indung bapa
anu tisruksruk tidungdung
nasib putrana teh reuay

atuh basa arek kawin
jeung kabogohna jangjian
anak teh wang tilu wae
ambeh gampang ngadidikna
jeung teu susah biayana
da geuning karasa atuh
reuay anak teh bet susah

anak cikal basa lahir
diogo pisan tayohna
sagala rupa diwowoy
kahayangna teu dihulag
budak diantep karepna
nyalahan bekas melengkung
antukna kalah ogoan

menta duit make ceurik
mun acan sok jejeritan
sakapeung sok ngagolotok
dina tehel gugulingan
ka kolot wani nyarekan
atuh kolot jadi bingung
anak kalah bangkar warah

istigfar mun mangsa peuting
sadar kana kasalahan
pamadegan anu goreng
henteu yakin ka pangeran
nangtukeun budak sorangan
ngadidik henteu jeung elmu
hasilna kalah kuciwa

ulah sok kaleuleuwihi
budak caah ku kanyaah
ahirna ogo tur bodo
sagala euweuh kabisa
henteu yakin ka dirina
neumleuh ka bapa ka indung
embung macakal sorangan

nyaah dulang teu dipahing
bakal goreng balukarna
budak teh jadi kaleked
teu iatna teu rapekan
kalah jadi pangedulan
karunya engkena atuh
palias goreng nasibna

siger tengah mun ngadidik
dikenyang diulur tea
diaping dibere conto
indung jeung bapa saucap
ulah sok pakia-kia
sabab anak jadi bingung
ka saha rek ngawarona


skmi 18032012
by Mang Jojo on Sunday, March 18, 2012 at 6:56am

MIARA BASA

NU JEMPE DI NU RAME
[asmarandana]

di dunya urang kumelip
beda jeung jaman baheula
lamun urang melak pare
aya nu disebut huma
anu diaseuk di darat
dumuk teh nenggang ti batur
ilahar sok ngababakan

ayeuna mah beda deui
hirup teu bisa nyorangan
gawe ngumpul di nu rame
ku sabab rea udagan
rek ngigelan kamajuan
ulubiung reujeung batur
teu bisa sewang-sewangan

tapi dina mawa diri
unggal seler teu sarua
kabeh ngabogaan ajen
aya anu pageuh nyekel adat
nu omber ge henteu langka
budi daya teh pacampur
kabeh silih pangaruhan

elmu katut teknologi
ekonomi jeung sosisla
pulitik hukum digaloh
ngawangun ajen nu anyar
nu namper jadi budaya
anu beda jeung beh ditu
kaluar tina aslina

beuki dieu beuki palid
budaya asli kararad
papagon teu diparake
kalindih budaya luar
pangpangna budaya lib’ral
budaya dirina tumpur
mun aya ge kari ngaran

siga nu nonggeng ka langit
dedegeng jeung beak dengkak
nyimpe di tempat nu rame
hate ngocoblak sorangan
lir ibarat anu tapa
tapi lain di nu singkur
ditengah majuna jaman

lain ngan butuh puisi
lain ngan sapada sajak
kuduna bari galecok
basa dipake nyarita
dipiara balarea
lain ngan ukur na buku
udagan lulus ulangan

rapekan tur rajin ngulik
kaahengan kamonesan
dihaneutkeun masing pogot
diwarnaan kasundaan
digebregkeun unggal widang
tur diaping ku papayung
aturan jeung kasadaran


skmi 17032012
by Mang Jojo on Saturday, March 17, 2012 at 2:19pm

NGERED LISAN

NGAJAGA UCAPAN
[asmarandana]

muslim nu sumerah diri
dumasarna nyekel iman
ihsan nu jadi papaes
bakal meunang kamulyaan
di dunya rawuh aherat
miconto ahlakna rosul
anu teu aya cedana

laku lampah nupinuji
atawa ahlak sampurna
ka hiji hamblum mInalloh
ka dua hamblum minannas
ari anu ka tiluna
hubungan urang jeung mahluk
sato tutuwuhan alam

ka pangeran mah babak ti
ulah ngarumpak larangan
parentahNa dipigawe
boh ku raga boh ku lisan
di barung hate pikiran
euweuh deui nu dipunjung
iwal ti Alloh ta’ala

aya hiji anu penting
nyaeta ngeunaan lisan
bisa hade bisa goreng
kade ulah laralowa
ucapan kudu dijaga
mendingan balem ngajentul
tinimbang nyieunan dosa

meunang takdir nampa nasib
kudu iklas serta sabar
ngajan karasana goreng
lamun urang geus ihtiar
ngadunga taya kendatna
da Allah moal taradud
jalir janji pamohalan

hirup kumbuh jeung rarabi
natangga jeung masyarakat
di kantor di tempat gawe
tara leupas ku goda
misal dina paguneman
ngalantur ngomongkeun batur
sanajan alus awalna

nu ngabodor anu tabglig
lamun kagoda kanu setan
ucapan sok kacaletot
tapi ngarasa teu salah
alasan bumbu jeung lumrah
nu lalajo teh gumuyu
mustami ‘pating cakakak’

matak lamun beres majelis
urang kudu babacaan
dimimitian ku tasbeh
diteraskeun ku hamdalah
ditambahan ku syahadat
di pungkas ku menta ampun
ka pangeran nya isitigfar


skmi 16032012
by Mang Jojo on Saturday, March 17, 2012 at 1:47pm

KARUGRAG

PANYAWAT ATANAPI ADAT ?
[maskumambang]

mun panyakit anu datang balik deui
eta teh karugrag
tapi lamun kitu deui
panyakit matuh ngaranna

tapi naha asana kacida teuing
eta kalakuan
korupsi teu euih-euih
teu leungit kalahka motah

nu katohyan jalma ideng jalma leutik
sarua beukina
gawena maraling duit
bari jeung teu asa-asa

kaawonan nu diingu beuki lami
tangtos balukarna
jaranten budaya jalmi
midamelna reueus geura

dipanjara bale watangan teu sepi
kalah pinuh malah
nu ngadakwa anu maling
sagebrug rohanganana

babakuna cariosna soal cicis
haliyah ku dunya
jalmi janten teu areling
panyawat ngajanten adat


skmi 11032012
by Mang Jojo on Sunday, March 11, 2012 at 4:30pm ·

GERING

TEU WELEH SYUKUR
[mijil]

dua poe badan panas tiris
ngalempreh di enggon
hayang hudang tapi nyeri cangkeng
rek solat ge teu wani kacai
kusabab ngagibrig
nya kalah tayamum

sirah jangar karasana pusing
lungleng ting carekot
badan panas kacida ngagebret
dikampuh teh da leuwih ti hiji
nanaon panyakit
kuring rada bingung

rada rerep teh basa janari
sanggeus kesang ngocor
pamajikan teh ngajak ka dokter
tapi narah haroream indit
rek ka rumah sakit
hoream ku jauh

bet ras eling nandangan panyakit
cocoba ti Alloh
kudu sabar ulah osok hengker
komo bari urangna jejerih
nu sabar nu eling
dosa teh dikurud


skmi 10032012
by Mang Jojo on Saturday, March 10, 2012 at 1:48pm ·

KA SAHA NYA MUNTANG

ULAH LALI DZIKIR
[asmarandana]

enjing sonten maos tasbih
sing rosa maos istigfar
maos takbir entong lowong
ditambih syukur hamdalah
tahlil nunggalkeun pangeran
ulah dikawonkeun pesbuk
waktos tong dimonyah-monyah

maos quran heg dicicil
najan ngan ukur saayat
tambih seueur langkung sae
najan balelol ucapan
can apal panjang pondokna
tong isin ulah dikantun
supados ati teh janglar

meungpeung cageur memeh gering
meungpeung bungah memeh susah
meumpeung ngora memeh kolot
keur jumeneng tacan wafat
urang teh teu kendat kendat
ibadah ngaula junun
ka pangeran teh munajat

ngimpleng keur dirumah sakit
katarajang gering parna
dina ranjang teh ngalempreh
ngan nagado pang dawuhNa
da urang teu walakaya
kumaha lamun geus kitu
kasaha urang nya muntang

ngadago waktuna ledis
ke anjeun bakal hanjakal
disampeur malakal maot
urang lengoh babawaan
sangkilang migawe gampang
kaeurad waktu ngalantur
hirup nu kamalinaan


skmi 08032012
by Mang Jojo on Thursday, March 8, 2012 at 8:53pm