Assalamu ‘alaikum wr.wb.
Wilujeng sumping wilujeng tepang
Hatur nuhun tos kersa sindang ka blog sim kuring nu nuju diajar ngaropea seni budaya sunda, husus ngeunaan pupuh.
Eusina teh tangtos bae tetebiheun tina sampurna, tapi nu dipiharep mah mugi tiasa janten lalawuh panglawungan dina raraga ngaropea warisan sepuh urang.
Tinangtos seueur kakiranganana dina rumpaka, boh eusi, ranggeuyan kecap sareng kalimah dina padalisan, susunan kalimah unggal pada, komo deui dina kaendahan sastrana mah. Kitu deui rumaos kirang katiginan kana pakemna, tangtos garihal tur aragag keneh pisan.
Upami maos pupuh dina format wawacan yasana R. Soeriadiredja, R.Memed S, R.Satjadibrata, Moh.Ambri, Yus Rusyana, R.Hidayat Suryalaga, sareng nu sanesna, urang teh sok ngaraos reueus, bingah, ajrih, tur hookeun ku kaparigelan aranjeuna dina ngareka sareng nganggit ngagurit karya nu kacida ageung ajenna, euyeub tur mucekil ku rineka carios sarta palasipah anu nyamuni, emuteun nu maosna. Ku kituna sim kuring bade nyobian diajar neuleumanana.
Ku saha deui atuh dipiarana ieu budaya teh upami henteu ku urang. Mangga ah lebet !
Wilujeng sumping wilujeng tepang
Mangga Mang geura teraskeun. Ku ayana Mang Jojo nu parigel dina ngadamel pupuh, sim kuring rumasa bagja, margi aya sosok nu tiasa di pi guru!
hatur nuhun kang nana. sae mah pimanaeun, ieu mah mung ukur hoyong ngiring miara basa indung, da sim kuring mah sanes mandahna. salam kahaturkeun.
htr nuhun kang nana.