NU TUMUT KA ROSUL

MIHAREP BAGJA
[kinanti]

nu katutug tur karintug
karunya tur deudeuh teuing
paciweuh riweuh nandangan
teu daek eureun kapusing
kaperekpek ku masalah
leungit hiji datang hiji

kateumbleuhan buntut maung
ayeuna nasib kulisi
katambah gorengna lampah
dibungbuan ku korupsi
karerepet beuki rongkah
masalah tambah pabeulit

pon kitu deui pangagung
gawe pacentelan sengit
silih bolekerkeun peta
nu sejen reueus ku aib
pasea gesu jadi lalab
teu nu gede teu nu leutik

beuki lila beuki jauh
tina papagon ilahi
nukang nonggong ka pangeran
balukar engke diakhir
palangsiang boa-boa
meunang bebendon ti gusti

alusna mah kudu niru
kitu saurna kiyai
rosul uswatun hasanah
picontoeun jalmi muslim
saincak saparipolah
tong ngarumpak quran hadis

amun kitu bakal untung
rido ilahi kacangking
salamet dunya aherat
insya Alloh rido gusti
ku urang bakal katampi
bagja lahir katut batin


skmi 05022011
by Mang Jojo on Sunday, February 5, 2012 at 7:23am

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Connecting to %s